Dimuat ku: barudaksunda | 29 Désémber 2010

koropak PBS

Carpon

Ali Meneng ( 1 )

Karya : Ari Andriansyah

Tihang listrik ngabalentrang sapuluh kali. Peuting ngajalingjing bareng jeung angin nu ngahiberkeun bau runtah ka unggal rohang kamar juru-juru kosan, sedong-sedong gang. Susukang ngeuyeumbeu, kumarayap kana amparan kasur, lomari, buku-buku ngabigeu, salib nu ngadaplok dina tembok, kalender pias, potret lawas, baju ngalumbruk, daster, calana jero, jeung gelas demi gelas kopi nu nyaab dina genggerong.

Boa di dieu jalan teh buntuna, boa di dieu lengkah teh kandegna. Saniskara ungkara, aweuhan carita urang nu sapanjangna sirungan jeung muguran. Sanggeus renghap lawas kapahung dina ringkelna gurat nasib nu taya tungtung. Di ieu kota nu salawasna kosta pikeun harepan jeung kasatiaan.

Tapi naon hartina mulasara harepan jeung kasatiaan? Waktu, samagahaning laku. Saukur cahya samar nu ngalangkang lalakon sasar, kawas lengkah urang nu salawasna ditalikung karempan. Bari banget teu ngarti, isarah naon pangna urang kudu lana tepung? Ngongkoyangkeun ronceh asih jeung karisi kana tohagana pamadegan sewang-sewang. Kawas urang nu lana tepung  pikuen nu kasakitu kalina, bari maneuh ninun lamunan, nyulam jempling, ngajarumat peuting.

“kang, rek kumaha wae urang teh?. Aya sora nu angger ngagalindeng, sora anjeun Elia. Sora nu terus nanceb dina katigin batin, nu terus maseuk ieu raga sangkan salawasna aya. Najan enya nu aya teh bakal euweuh, kitu oge nu euweuh lain hartina kudu aya. Da puguh antara aya jeung euweuh teu bisa dieuweuhkeun.

Sekretariat : Kost Al Ma`ruf,  Krapyak,  Yogyakarta Tlp. 081804112337

“rek tepi ka iraha Lia kudu nungguan Akang? Naha Akang teu karunya kana kaayaan Lia nu terus kasiksa kawas kieu? Susulumputan ti kolot? Jadi buron nu diudag-udag karempan sorangan, nyumput sakabeh kajadian nu geus dilakonan ku urang duaan?.

Aya hegak nu beuki beurat. Hegak anjeun Elia, hegak nu terus maut kalbu, nu terus ngajak sawirahma nyinglar silungna pamadegan, sangkan salawasna nganteng dina geter jeung katineung.

“lamun enya pamadegan nu jadi hahalangna, nu ku urang salilana dipadungdengkeun, perkara hartining palang salib nu pamohalan tepung jeun bulan bentang, Lia iklas ngelehan. Lia leah rek nuturkeun jalan Akang, najan enya kolot sorangan bakal nyatru, nu teu mustahil moal ngaku anak deui. Sakumaha nu kaalaman ku Akang harti kapan, basa mimiti nganjang.”

Aya sapasang liliuh panon nu angger beueus. Panon anjeun Elia. Panon nu salawasna meruhkeun sakabehna, kawas ngenclang cahya nu meruhkeun mongkleng, tapi genclang ieu nu bakal terus marengan? Genclang pikeun nyalindung saheulaan? Atawa genclang hiji indung nu bakal salawasna aya? Enya, indung. Indung nu bakal hirup dina kanyataan, lain. Lain indung nu salawasna ngalangkan dina ciciptan. Nu sok ngademit kana impian, nu sok jadi kembang dongeng jeung pengbenjo bapa, kana rewuan kali pertanyaan nu mindeng diasongankeun, nukedal jawabanna saukur ruruhit nu nyeuitan. Saukur ngaran nu teu puguh wujudna, saukur titinggalna nu kapibanda, nu tepi ka kiwari weleh teu apal di mana tetenggerna. Kawas renggeuyan ungkara lawas nu maneuh di caritakeun bapa samemeh rujad ingetan, “tong haben nananyakeun indung, cukup ku nyaho ngaran indung maneh teh Amah. Nu kapatri dina ieu ali meneng titinggalna. Poma geura jaga cing tarapti. Hiji waktu bakal jadi tuduh jalan panggih jeung tetenggerna.

“kang, Lia embung ngagugurkeun deui ieu kandungan, Lia embung diririwaan deui kajadian lawas.”

Aya inghak nu lana nurih jeung ngagerihan. Inghak nu hese dipapalerna, nu terus ngajak padungdengan perkara lalakon nu keur jeung bakal disorang. Najan saenyana lain lalakon sakolebatan. Nu urang teu apal ka mana aya kebatna.

Sekretariat : Kost Al Ma`ruf,  Krapyak,  Yogyakarta Tlp. 081804112337

Bersambung….

Sekretariat : Kost Al Ma`ruf,  Krapyak,  Yogyakarta Tlp. 081804112337

Sekretariat : Kost Al Ma`ruf,  Krapyak,  Yogyakarta Tlp. 081804112337

Ampih Pare

Upacara Ampih Pare nyaeta mangrupakeun upacara nyimpen hasil panen ti sawah atawa huma ka leuit ( tempat  nyimpen pare). Tina prakna acara  nu dimimitian ku maca dua kalimat syahadat disusul ku doa “pangrajah”, salapan lalaki nu mancen tugas katenjo silih gentian ngajingjing sageugeus pare nu dibawa ka hareupeun leuit. Di bareungan ku doa pangrajah tadi, hiji-hiji tina salapan lalaki nu mancen tugas ngajingjing geugeusan pare tadi ngasupkeun geugeusan pare nu dijingjingna ku cara ngalungkeun pare ke liang panto leuit.

Tina salila prosesi ngasupkeun ka salapan geugeusan pare tadi kana jero leuit, ditutur ku dalingdingna sora angklung, kendang, bonang jeung gong tur sora suling lagu papalayung. Diteruskeun ku acara sasajen nu ditujukeun pikeun rasa sukur ka Dewi Sri kana hasil panen nu geus ditarima ku para patani,

Ampih Pare nyaeta salah sahiji tina kabudayaan nu diwariskeun ku karuhun urang sunda nu wajib ku urang sadaya diriksa, diraksa tur dimumule, salaku ti rundayan panerus pupuhu-pupuhu urang sadaya. Hiji rasa miboga kana kabudayaan karuhun keur urang sadaya diwujudkeun ku pangaweruh kana titih wanci sajarahna, najan prakna geus tara ku urang tepungan jeung lakonan.

Ampih Pare kabudayaan nu aya di Kabupaten Sumedang, Cianjur, Karawang jeung Subang.


Responses

  1. mugi tetep karaksa ieu kabudayaan…


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Katagori

%d bloggers like this: